Sabtu, 26 April 2014

Gobag Ari rengse ngaji sakapeung tara balik ka imah heula, komo meujeuh keur nampir bulan mah. Ari buriak ngaji sok tuluy ngariung bari meulit meulit sarung kana cangkeng jeung kana beuheung. Nyieun angka dalapan. Di parapatan jalan ka masjid paragi nangkring ngahariring babaturan nu robah jadi rada teu eling anu saban peuting kajeun nguriling dari pada meuting. Sabalad balad kuring zaman sesedengna berelekesenteng buta tulang buta daging nu ayeuna nikreuh ngeureuyeuh ngabau taneuh, bari paraheula heula narungtutan arareuweuh. Zaman harita zamana ongkang ongkang lalanian asa gagah kacapangan, lalanian zaman Soekarno tea atuh. Harade. Keur sili teumleuh, sili geugeuleuh, ya heueuh sili eleg padu ngeuleuweuh. Silaing mah Gestapu, aya Nasakom euy, Lekra pisan hah, Gerwani siah, kitu mun kaawewe. Atawa kadieuna nu ampir sabarungan harita, siga Pager Bitis, OKD anu lawana Goromolan. Cenah. Kadieuna atuh ngaran ngaran kitu leuwih ceuyah. Kayaning AMPI, KNPI, FKPPI, Pemuda Panca Sila, Ababil, PMII, HMI, FPI jeung loba loba deui nu sejena. Ngan lain keur gogonan jiga baheula, komo PMII atawa HMI mah, eta nu nyandang gelarna oge, salianti palelajar palalinter teh, arelmu agamana oge leuwih ti pangaweruh ajengan baheula. Meureun. Buktina jaragoan orasi. Komo we kahalarti, ari aya dina TV, ari mangsana demo. Nya di laluar intitusi atawa anggota peroranganana kadang ngusum ngusung hiji partai atawa hiji caleg, atawa bisa sababaraha partai jeung sababaraha caleg. Kitu, daraek Ngajalurkaman, barisaan. Enyaan sapada harita. baheula. Ku istilah istilah boh kumaha gumedurna, anu tepi ka ayeuna kakolotan sakieu, tetep hese hayang pirajeunan talete, ngan pabaliut wae beubeunangan teh. Da maklum ngadenge teu ngahaja tea, salianti kacaduan kebat parat deuih anu ngadarongengna. Atuh tungtungna boro boro boga beja walagri. Versi aing aingan wae carita teh. Teuing tah nu sohehna kumaha. Ya teu beda oge paroekna, naraon program benerna organisasi organisasi nu sok tarampil ayeuna, boh ormas atawa organisasi mahasiswa kitu. Ngan gareuwah zaman lumengerna bobotoh rahayat baheula nu sabenerna ya aya karasa, rek kasieun, rek antuk jadi gogonan heureuy. Yen jadi hiji bukti bangsa kuring, masing dibekeng bekeng oge, ting pareletek wae, rek di pasar rek na minguan, da heueuh baliwir sariawaneun. Kituna mah karasa kangaran ngaran susungutan geuning, sahenteuna, komo deui hirup teh toh salembur jeung jajadugna pisan, anu nyacas aya pakuat pakaitna jeung lalanian eta, atuh tangtu rada kabandungan jeung jelegur kajadianana. Tangtu. Jeung euweuh herana deuih, asa geus jadi runtah rahasiah manasing anger seungah mun seug teu puguh puguh tetelepek, comel balaka combrang wae, atuh padu nyampar nyakalor nu nungtung dina sakur tarang. Kitu we, keur burayak salelembur mah. Teu meureun teusing. Tapi kajeun lah teu urukan teuing. Ya kuring sabalad balad harita. Gobag ya gobag wae, saweureuna, sajadugna, paduli masing masing bareda dadasar kahirupan sapopoe oge, nu penting papada resep ngalakrobat bakat, barung mamer ngalincah, ngalihai, oge ngencer uteuk keur papinter pinter meunang tarung. Paduli silaing tukang ngarit, aing tukang jahit, aing tukang beca, silaing tukang nugar gunung, tukang nyitak bata, tukang nangung teplak, tukang ngored ngabalungbang, tukang macul tatanen, tukang silat, tukang karate, sepor kerekan, sepor koprol nepi ka jungkir sepor yoga. Kabeh singlar, siap tempur. Ngaran gobag sodor. Kaulinan geus nyamanea. Tarung sili gempur, sili tumpur, ngabakutet batur can humarurung ceuleugeug ampun. Nu ngajewang nulak, cadu ngajengkang ngongkang kalang. Nu dijewang beberod sirikna teteleg, legeg merul ngabedol borogod sodor jeung gulang gulang kalang, anu ngabendung tepi ka tungtung. Nu kabeh dibarulukucun singlar, tinggal kolor nu dibaketot cangreudna, mana sakapeung mun kabeneran aya nu kadodoran balukar medot kadenda ya keok alatan teu sapira. Eta kajeun wayahna, da memang kitu aturanana. Jadi keok teu kudu dicerek nepi kataluk. Masing awak daragel ngabaruhel sagede Ade Ray komo kanu kempreng ipis siga seng. 25 05 2014